March 08, 2008

Bucat Bisul

Asa bucat bisul ceunah, ceuk lolobana urang Sukabumi. Naha? baraya, apal meureun, memeh tanggal 8 Maret 2008 mah, urang Sukabumi utamana rahayat ceuyah kaditu ka dieu, bur ber  ka jalan marake kaos ipis. Malahan teu saeutik kadenge sili agulkeun ku cekelanana masing-masing, anu antukna mah nepika dur der pasea, marebutkeun paisan kosong.

Komo dina waktu kampanye mah. Ceuk beja tinu jadi babaturan aya jelma anu ditenggeulan. Ari disaliksik mah geuning anu diadu teh masih keneh sakampung.

Tah, sanggeus PEMILU Walikota jeung Wakilna mah kaanyaan geus mimiti rada tiis. Da barina oge keur naon atuh nya marebutkeun paisan kosong, nu puguh mah rek saha wae anu meunang sarua keneh lah! Dalah dikitu di kieu oge, runtah mah balatak tiditu tidieu. Mun geus ngomongkeun runtah, ulah di sebut kota Sukabumi lamun teu apal kana runtah! Numpuk ngagunung jeung babasan mah. Jigana...anu kudu ditumuwuhkeun teh, mentalitas bersih keur rahayat katut pajabat Sukabumi kudu ditingkatkeun.

YU ah, urang bersihkeun Sukabumi..... LAMUN TEU BISA SASAPU ULAH SOK NGABALA, EUUUYYYYY!

                            

July 03, 2007

Sutradara Leuleutikan

Ku batur saentragan mah kuring sok disebut sutradara, eta meureun pedah tiap aya kariaan rek samenan , rek agustusan, kuring sok ngaluluguan dina ngareuah-reuah. Kayaning mintonkeun drama, maca sajak, atawa operet kalawan ngagunakeunbasa Sunda.

Sabenerna, ieu geus jadi cita-cita kuring ti leutik keneh, kuring hayang jadi seniman, budayawan, atawa sastrawan. Meureun..ceuk anjeun mah mangrupa cita-cita anu mulia. Kuring teu rumasa hayang jadi jojodog unggah ka salu, ngan sahenteuna ku ngajalanan hal-hal anu leutik heula bisa jadi hal anu gede kaharepna.

Ngan... aya hanjakalna, mel unggal mintenkeun seni sunda masih keneh aya kakurangan mendasar anu teu bisa disingkahan, nyaeta kuring saparakanca kakurangan pakakas-pakakas seni sunda samodel kacapi, suling, gendang, jeung goong, kulantaran euweuh pisan anu bisaeun  jeung anu bogaeun kana eta pakakas. Da puguh atuh, barudak anu sok dilatih ku sim kuring teh lolobana mah barudak umur SD, SMP, jeung SMA.

Kuring hayang...dina hiji mangsa nalika mintonkeun seni sunda teh barudak diiringan ku tatabehan samodel kacapi atawa pakakas-pakakas liannna. Ieu mah susugana, jeung susuganan ku cara eta barudak anu dianggap ABG teh bisa leuwih raket jeung deukeut jeung budayana sorangan, rek kusaha deui atuh ieu budaya teh dijaga atawa diraksa lamun lain ku urang sorangan mah. Akur..!?

July 02, 2007

Ngobrol Sareng Kang Obek

Asa kakara kuring ngobrol lila dina confrence jeung jalma anu geus lila dipiharep jeung dipikahayang dipaokan elmuna ku kuring. Nyaeta kang Obek Junaedi. Jiga bucat bisul dina tarang, asa disebetan ku hinis ati, nalika ngadenge kang Obek ngawih tembang-tembang Sunda. Jentrengna sora kacapi mawa diri ka alam anu moal bisa dipohokeun.

Hatur nuhun pisan kang Obek kana gogonjakanana.

Ngan...jigana, kuring kudu mulang tarima males jasa, ceunah mah kudu mere ka beliau hiji istri anu geulis tur eucreug. Na bisa kitu kuring mangneangankeunnana, dalah kuring sorangan oge masih keneh can laku ka awewe.

Pokona...geus aya hiji kasepakatan, kuring rek gugur elmu ka kang Obek. Geus teu kuat hayang bisa ngajentrengkeun kacapi bari gogolehean jeung hiji wanoja anu bakal jadi indungna barudak.

Keun bae, kuring disebut jalma kampung oge, anu penting mah teu kampungan. Keun bae kuring disebut jelema jadul oge, jalma anu resep kana kasundaan, asal ulah mopohokeun warisan jeung titinggal karuhun.

Akur teu jeung kuring? Lamun henteu....wayahna we asup ka rumah sakit jiwa! Keur jigana teh ki silah!

May 16, 2007

HAMBUR CONGCOT MURAH BACOT

Dina minggu ieu, kuring rek nyawang deui alam anu geus kaliwat, cindekna alam nalika kuring masih keneh nongtot leho hejo, brehna, alam nalika hirup masih kudu dipupusti kunu jadi kolot. Ngan.. kuring lain rek ngomongkeun kaayaan diri sorangan, tapi rek ngomongkeun hiji jalma nu boga sifat " HAMBUR CONGCOT MURAH BACOT"

Taun 80-an, di lembur kuring aya hiji jalma, sebut wae ngaranna H. Junaedi ( Alm). ari pasifatanana, geus disebut ku sim kuring, almarhum teh ngabogaan wibawa dina hal ucap, nyaeta ucapanana kasar garihal, pokona teu matak pikangeunaheun sing saha bae anu ngadengena. Ceuk babasan mah heuras genggerong.

Ngan, sok sanajan kitu , aya hiji sifat anu alus dipimilik ku manehna, nyaeta gampang tutulung kanu butuh tatalang kanu susah. Keur manehna mah lain ngan saukur ucapan , oge dibuktikeun kalayan tingkah paripolah. Mun manehna ngomong rek mere taneuh/ ngawakafkeun taneuh keur kaperluan agama pasti geus mikeun taneuhna ka masyarakat, jang dikelola keur kamajuan agama Islam.

Nalika kuring ,kira-kira umur 6 taunan, manehna pernah ngomong ka kuring, masih keneh kadenge ku puhu ceuli, ceuk bahasa akerenna mah " Masih Terngiang di Daun Telinga", kira-kira kieu ucapanna teh: Jung siah, kudu nungtut elmu cing luhur, sia kudu majukeun lembur sorangan, sujang!

Ari ningali kana panca-kaki mah, H Junaedi teh masih keneh kapi-aki kuring. Da manehna teh masih keneh adi ti gigir pituin nini kuring. Anu matak, meureun dina hal ucapan aya anu nerap ka kuring. Ngan mudah-mudahan bae, salian ti ucapanana anu kasar garihal tea bisa ngabukti ku kalakuan. Ulah malah sabalikna, ceuk babasan deungeun mah : TONG KOSONG NYARING BUNYINYA,  atawa ceuk paribasa sunda mah: adigung adiguna gede hulu bari teu bisa nanaon!!!

Sakitu heula ah pangalaman ti sim Kuring, urang tuluykeun minggu hareup!
Cag ah!!! Mangga Baraya

May 12, 2007

Hiliwirna Sora Angin Peuting

2176382966Lamun nitenan kana kaayaan alam kiwari, jigana kabeh oge rada satuju jeung kuring, yen geus loba jalma nu pola hirupna teh ngajeujeuhkeun kana kahayang diri jeung kana nafsu. Ceuk basa kasarna mah, meupeus keuyang, amarah teu kahontal, sagala dibanting, nu penting maksud kalaksanakeun, kitu meureun!

Kamari kuring jalan-jalan ka sababaraha situs. Ceuk beja ti jurig, di nagara urang nu subur makmur gemah ripah lohjinawi teh zaman ayeuna mah euweuh bedana jeung naraka atawa kawah candradimuka, masih mendingan kawah candradimuka, tempat keur ngagembleng Gatotkaca ngarah jadi jalma anu sakti mandraguna, ari ieu...kaayaan nagara urang?

Lamun mah bener kaayaan ayeuna teh mangrupakeun kawah candradimuka, alus, soalna dihareup bakal muncul jelama-jelama punjul nu geus bisa ngaliwatan kana sababaraha ujian jeung cobaan.

Tapi lamun ningali deui kana berita/ warta anu dibewarakeun dina situs-situs eta, jigana jauh langit ka bumi lamun dihareup engke bakal muncul jalma-jalma punjul anu dipihareup ku urang sarerea.

Ngan, kuring moal pesimis, minimal, beja jeung warta nu diwawarkeun ku sababraha situs ngeunaan kaayaan alam Indonesia kiwari teh jadi pe-er keur kuring, meureun ieu teh mangrupakeun hiliwirna sora angin peuting nu ngabejaan ka kuring, Indonesia keur merlukeun jalma-jalma nu boga jatidiri jeung siapa jadi pahlawan nu bakal mawa nagarana ka alam kabebasan!

Sakitu heula ah, urang sambung minggu payun!

May 05, 2007

PADESAAN

Kacipta keneh dina alam impian kahirupan jalma-jalma di padesaan. Mun usum tandur atawa panen teu weleh gumbira. Hal eta teh di zaman ayeuna mah geus mangrupakeun hal nu langka. Kuring pernah tumpak luhureun munding, nalika masik keneh umur kira-kira lima taunan, di pepende ku hiliwirna angin nu mapaesan alam. Aki kuring , ayeuna mah geus ninggalkeun dunia, teu weleh eelengehan bari, ngudag-ngudak kuring nu masih asyik tumpak munding. Iraha deui atuh hal eta kaalaman ku kuring. Baraya pernah ngalaman hal nu sarupa?

LAIN RASIS

Sim kuring boga pamikiran, jalma anu mikaresep - komo nepika mika deudeuh- kana budayana sorangan - teu aya hubungannana jeung rasisme. Malah, Kuring bakal ngacungkeun jempol , ka jalma model kitu. Jelas, aya beda antara rasis, chauvisis jeung wajar! Rasisme nyaeta paham nu boga anggapan yen ras dirina nu paling luhur.

Lamun aya jalma anu masih keneh mikaresep kana budayana sorangan masih bisa disebut wajar. Lamun aya jalma anu agul ku budayana sorangan, terus boga anggapan budaya sorangan di luhur sakabeh budaya nu aya di dunia, eta bisa di sebut jalma nurustunjung.

Ngan, aya nu leuwih owah atawa gelo, nyaeta jalma anu teu mikaresep kana budayana sorangan. Jalma anu ngajebian kana kasundaannana. Eta mah geus kaasupkeun jalma kurang -ajar, malah " manusa" model kitu kudu diasupkeun ka " Lembaga Pemasyarakatan Khusus!"

Tah, baraya... Ari baraya asup kana golongan mana, rasis, wajar, atawa kurang -ajar?

Standar evaluasina mah gampang pisan, coba..apal keneh meureun baraya kana katimus, bakecrot, jeung sibanyo???

Atawa baraya leuwih apal kana hamburger, pizza, jeung just kidding???

Kumaha tah, baraya!?

ADEAN KU KUDA BEUREUM

Mun nitenan kahirupan zaman kiwari, urang bakal ngarasa aneh, rea pisan jalma anu ngarasa bangga malah agul ku kabudayaan batur, tapi ngarasa teu bangga lamun mintonkeun kabudayaanana sorangan. Teu saeutik urang sok ngadenge, urang Sunda hahaok kalawan ngagunakeun bahasa-bahasa deungeun anu kurang penting lantaran teu sopan boh dina lentong oge dina bahasana.

Kuring pernah, malahan mindeung ngadenge urang Sunda hahaok jeung ngomong kalawan ngagunakeun: Loo...Guee!. Punten, sanes kuring anti kana bahasa-bahasa nu karitu, mung, ilaharna ari urang Sunda mah kudu munjulkeun malah dituntut kudu mintonkeun bahasa-indung, nyaeta bahasa Sunda. Padahal, loba pisan kaunggulan bahasa Sunda lamun dibandingkeun jeung bahasa-bahasa lainna nu aya di dunia.

Dina dangeut ieu, urang oge ngarasa aneh ku lobana sikeup urang Sunda anu ngarasa bangga lamun nenjokeun budaya asing, saperti dina cara papakean, ngomong, oge dina paripolahna. Tapi manehna ngarasa risi mun mintonkeun budayana sorangan. Meureun... maranehna boga anggapan, yen budaya Sunda jeung tradisi karuhun teh dianggapna katinggaleun zaman, padahal sabalikna. Budaya karuhun teh budaya anu pinuh ku apresiasi, kreativ, jeung ngandung kaahengan anu can kakoreh ku urang di zaman ayeuna.

Rek kusaha deui ieu budaya Sunda dijaga, diraksa, jeung dijunjung, lamun lain ku urang sabage urang Sunda. Kuring wani monis, ulah ngaku urang Sunda lamun teu daek mintonkeun budaya sunda jeung kasundaanana!!!

Urang ulah "adean ku kuda beureum", ngarasa agul ku budaya-budaya asing. Tapi teu wawuh-wawuh acan kana budaya sorangan!!!

Satuju jeung kuring???

March 19, 2007

Dicukur ku Sorangan weee...!!!!

Moal waka dituluykeun tulisan nu judulna kurah-koreh mah, soalna keur rada loba pagawean nu keur disanghareupan.

Ngalongok kana FS ge kakara bisa ayeuna, lain sok sibuk komo pura-pura sibuk mah, puguh da kuring teh jalma penting atuh( minimal penting keur diri sorangan) maksud kuring mah penting keur neangan pibeukeuleun hirup jang poe isuk. Da ari nu ngaranna hirup di kampung batur mah, euwueuh bedana jeung manuk imigran nu teu daek cicing di hiji padumukan, malah..sok rajeun poho ngariksa kana awak sorangan.

Loba pisan tukang cukur, ngan teu hayang kuring mah dipotong buuk ku tukang cukur, sok sanajan diburuhan duit sarebu perak oge..teu...teu hayang kuring mah dicukuran kunu lain mah. Teu ngeunah, sok dicabakan sirah, didangdak-dengdek, komo bari dipeletak mah... Daripada dicukur kunu lain, komo ka salon mah/ can pernah saumur hirup kuring ulin ka salon, leuwih hade dicukur ku sorangan weee...!

Eta ceunah pantes jeung henteu...Lah...rek panjang rek pondok, rek torombol, hirup di kampung batur mah sakadaek sorangan...Teu paduli...da jauh di kampung sorangan, jauh jeung anak pamajikan, jauh jeung indung bapa!

Mung..sanggeus ngeunteung dina kaca, ahh..mani bangga kuring boga buuk geus rada rapih teh, meunang nyukuran sorangan deuih...Isuk-isuk indit gawe, eta babaturan seuseurian nenjo bagean tukang sirah kuring.." DISASAK EUY!?" Ceunah.. " LAIN...IEU MAH NGAHAJA, KURING KEUR NYIPTAKEUN TREND RAMBUT MASA KINI..!" Kuring embung eleh... "OOOOO....!"

Awewe -awewe sapagawean mah komo cing cirihil, mani hayang nyiuman da!!! " MAU SAYA CIUMMM....!"  Rada dipolototkeun panon teh saeutik, ngarah batur rada sieun. Ngan geuning ari awewe modern mah, daripada sieun ku polototan kalah mingkin cing cirihil...sugan kudu di................./ teu kuat ah nuluykeunana...rada era ku diri sorangan, rada era oge ku nu geulis nu aya di imah...( Sttttt....ulah dibejakeun ka sasaha nya, kuring geus......)

Geus ahhh....!

March 04, 2007

Kurah-koreh ( Bagean 1)

Kamari, kuring ngahaja kurah-koreh dina note-book, neangan file-file heubeul, sababaraha taun ka tukang. Aya sababaraha tulisan , catatan harian, jeung makalah nu pernah ditulis ku kuring nalika masih keneh kuliah, kurang leuwih 8 taun ka tukangan. Diitung-itung, aya 30 catatan lepas, 100 catatan harian, jeung 20 makalah.

Insya Allah ku kuring rek dipublish dina ieu bolog, mudah-mudahan aya manfaatna, boh keur balarea utamana mah keur kuring sorangan. Ngan kuring moal nuliskeun catetan-catetan eta teh sagembleng na, rek di pilih pokok-pokok pikiran luluguna wungkul.

01 Juli 1999
Bagaimana mungkin ,seorang ahli mesin melakukan operasi terhadap orang yang terserang tumor ganas? Ini sebuah pertanyaan sekaligus sebuah analogi terhadap keadaan bangsa kita sekarang ini. Negara kita yang sering disebut-sebut sebagai negara terbesar dan terbanyak penduduk muslimnya ternyata tidak berkutik ketika berhadapan dengan paham kapitalisme dan komunis-materialisme. Sebagian besar kita telah hanyut dalam banjir materialisme. Sungguh bagaikan orang yang telah terserang penyakit yang mematikan. Perlu seorang dokter untuk menyembuhkannya. Betul! Dokter yang serba tahu dan serba maha. Dialah Allah yang memberikan buku petunjuk teknis kehidupan berupa Al-Qur an. Kita harus kembali kepada aturan-Nya!!!

Tah ieu tulisan teh mangrupa unek-unek kuring dina mangsa nempo kana kaayaan Indonesia nu makin awut-awutan. Emang rada idealis saeutik, biasa jiwa muda. Teruskeun ah!!!

05 Juli 1999...
Interprertasi materialisme yang telah mengubah dan menggerogoti sejarah mengatakan bahwa mahluk yang bernama manusia tidak pernah ada. Manusia adalah paduan untuk memenuhi tuntutan materi di mana ia berada. Dengan begitu, manusia yang berada di lingkungan agraris berbeda dengan manusia yang hidup di lingkungan industri. Masing-masing berada dalam perasaan. pikiran, tingkah laku, dan tujuan. Tidak ada alasan bagi manusia untuk tidak terpengaruh oleh tuntutan materi. Tidak ada alasan baginya untuk menghindar dari akibat yang dihasilkan oleh pemenuhan ini. Saling menolong antara masing-masing, orang menunggang kuda, menmganut suatu keyakinan agama, dan kesederhanaan berpikir merupakan ciri khas lingkungan agraris. Bebas, tidak menmganut keyakinan suatu agama atau paham spiritualisme, kecendrungan terhadpa hal-hal bersifat pragmatis, memberi kesempatan yang luas kepada pikiran dan peruasaan merupakan ciri masyarakat industri. Keyakinan agama saling tolong menolong antara individu tidak bisa diterapkan oleh orang-orang yang hidup di lingkungan industri...


Jadi ingeut kana ucapan Afrizal Malna, salah saurang penyair modern Indonesia, manehna ngomong kieu, kunaon urang ngamusuhan komunis sedengkeun kalakuan mah anggeur sarua jeung jalma-jalma komunis malah leuwih arogan tibatan jalma nu teu nganut hiji kayakinan agama. Kitu meureun kaayaan urang ayeuna teh. Dina retorika mah bangeut ceuceub kana ajaran komunis, sosialis, tapi ari dina kahirupan mah meh euweuh beda jeung jalma-jalma teu eucreug! malah leuwih angot batan IBLIS, naudzubillah!


15 Juli 1999...
Sesuatu yang menakjubkan dalam kehidupan manusia, bahwa sarana yang dapat membawa kepada petunjuk justrru menjadi sarana yang membawa kepada kesesatan. Maka tak heran jika banyak manusia pada zaman sekarang ini menjadi sesat karena ilmu pengetahuannya. Padahal, seharusnya ilmu pengetahuan mereka itu membawa kepada petunjuk dan keimanan. Bahkan ilmu pengetahuan digunakan sebagai alat untuk memerangi akidah dan menjauhkannya dari hati orang-orang bewriman. Peperangan yang  dilancarkan terhadap akidah ini mengambil dua cara, yang akhirnya bertemu pada satu titik, yaitu bentuk jahiliyyah. Cara pertama dengan melalui teori-teori ilmiah yang mengatakan bahwa agama muncul dari ketidak mampuan manusia dan kebodohan orang-orang untuk menguasai anak-anak yang belum dewasa, maka sudah tiba saatnya tugas ini kini diambil alih oleh ilmu pengetahuan, agama tak lebih dari dongengan dan klenik yang harus ditinggalkan.

Ke dua, juga masih termasuk dengan teori ilmiah yang mengatakanm bahwa kehidupan modern sudah mampu menciptakan aturan-aturan sosial dengan berlandaskan pada prinsip-prinsip ilmuah. Zaman sekarang sudah tidak membutuhkan aturan-aturan agama yang kadang benar dan kadang salah kadang sesuai dan kadang tidak. Kalaupun agama masih dibutuhkan, ia hanya berguna bagi individu...



Mani katara pisan, kuring kacida idelaisna nalika umur 20 tahunan mah! Biasa...gejolak maum muda urban,hehehehe...!

Saterusna...



16 Juli 1999...
Kita melihat bahwa teori ilmiah untuk mengatur suatu masyarakat secara keseluruhan ada dalam cakupan akidah. Selagi masyarakat dibiarkan sendiri untuk berjalan maka ia tidak akan bisa berdiri pada fondasi bangunan: yang satu hanya terbatas pada kepentingannya sendiri yang beertugas untuk saling mengkaji realitas yang menguatkannya dan mengaitkannya.



Beuuuu! Ceuk si Soma mah, tokoh kocak dina film Inohong di Bojongrangkokng.....

Tah sakieu heula tulisan kuring, KURAH-KOREH.....isuk jaganing geto rek dituluykeun kana bagean 2....

Kota Pelabuhan Tahun 2007